Selasa, 28 Agustus 2012

Bissmillahirrahmaanirrahiim,...

Alhamdulillah, sadaya puji kagungan Allah anu Maha Welas tur anu Maha Asih, hanteu aya deui pangeran anu wajib diibadahan kalawan sabenerna anging gusti Allah ta'ala, sholawat sinareng salam mugia tumetep ka jungjunan urang sadaya Muhammad saw. ka kulawargina sinareng ka para shohabatna umumna ka urang sadaya anu janten ummat na, Aamiin,...

Dina waktos dangeut ieu mudah mudahan Allah swt. mamparinan karidhoan ka urang sadaya sinareng mugia ieu bacaan tiasa mangpa'at khususnya kangge anu medalkeun , atuh umumna kangge para wargi sadaya.Amiin,...

Dina kahirupan urang sadidinten urang teukengeng leupas atanapi luput tina namina "Ibadah", sanaos urang bade' resep bade' henteu, upami diparentahkeun ku Allah sinareng rosulna urang kudu ngalaksanakeun eta ibadah. kumargi urang diciptakeun ka dunya teuaya sanes kangge ibadah.

judul diluhur anu unggelna "Ibadah teras koma, ulah wara titik", anu maksadna urang langkung utamina dina ibadah sadidinten kedah teras koma, anu maksadna ibadah kedah aya tuluyan nana atanapi teu cekap ku ibadah wajib wungkul sanaos eta wajib langkung sae' na dipitutur ku ibadah sunnah na. misal ibadah sholat fardhu saba'da ngatepannana teukeungeng wara incah tina pancalikan, tuluy keun ku wirid sinareng dzikir na, minimalna ngadu'akeun anu jadi indung bapa, anu parantos ngurus urang ti nembe lahiran nepika baleg na. komo saupamina diteraskeun kana 'aosan anu saterasna langkung sae', tangtosna anu dicontokeun ku Rosulullah saw, saupamina urang, diteraskeun incah tina pancalikan henteu teras wirid atanapi dzikirna meureun urang teuaya angenan atanapi antosaneun kangge urang, misalna urang ngadu'a "Yaa Allah mugia sing digampilkeun dina sagala rupi urusan abdi, sinareng sing dijembarkeun rizqi anu halal barokah dst." meureun saatosna ngadu'a aya antosaneun nyaeta diijabahna du'a urang, ayeuna saupamina teu ngadu'a naon anu bade diantosan atanapi diharepkeun nana ???.

Teras anu dimaksad "ulah wara titik", nyaeta urang teukengeng ngabatesan ukur ibadah cekap wajib wungkul tapi kedah teras dugika "titik"urang nyaeta dongkapna sakarotul maut.  Salagi urang masih keneh aya napas sinareng nyawaan, bale'gh tur boga akal, berarti tugas urang teuacan rengse kangge ibadah.

Tah, kukituna hayu urang sami-sami ngahirupkeun ajaran agama Islam, sanaos nagara urang sanes nagara Islam, saupamina sanes ku urang  nyaeta kaum muslimiin, sinareng muslimaat, teras bade' kusaha deui atuh?

Bahasan anu diluhur, nya kedah komperhensip ulah siga carita dihandap,

Ujang : Kang naha akang sholat Subuh bet, 4 roka'at ???
Udin   : "Eee... maneh mah teu nyahoeun, atuh ari seger kieu mah 4 roka'at entong 2 roka'at. aneh maneh     mah jang".
Ujang : "Eta si akang, nya dimana mana oge ari sholat subuh mah 2 roka'at, saur Rosululloh oge kitu.
Udin  : "Oh, kitu nya ?"
Ujang : "Sumuhun atuh Kang, ulang bongke' na nuju seger jagjag waringkas, syare'at mah ti Rosulna kitu kedah kitu

Mugia sing mangpaat

Alhamdulillahirobbil'alamiin,...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar