Selasa, 28 Agustus 2012

Sabari ngantos, eusian nu kahartos


Sabari ngantos, eusian nu kahartos
Bissmillahirrahmaanirrahiim,...

Alhamdulillah, sadaya puji kagungan Allah anu Maha Welas tur anu Maha Asih, hanteu aya deui pangeran anu wajib diibadahan kalawan sabenerna anging gusti Allah ta’la, sholawat miwah salam sapapaosna, tumetep ka jungjunan urang sadaya wastana kangjeng nabi Muhammad saw. Ka kulawargina sianareng ka para shohabatna, umumna ka urang sadaya anu janten ummatna, Aamiin,...

Sadaya anu hirup di dunya pasti aya waktosna bakal teuaya, asalna teuaya, teras aya, teras bakal teuaya deui, kusabab sadaya anu aya didunia ieu moal abadi, kumargi atos ditangtoskeun waktos na, kantun urang ngantosan nana. Nyakitu deui urang sadaya asalna teuaya, janten aya, teras bakal teuaya deui, kantun ngantosan we’ waktos dipungut nyawa atanapi Ruh urang.
Dina kahirupan sadidinten, urang sering mendakkan kecap “Ngantosan” anu hartosna tumetep hate’ ngaangken anu diangken, atanapi mapag hate’ anu salami diharepkeun hate’, bade’ eta kayaning kabagjaan, kabungahan, kasedihan, atanapi sagalarupi anu diangken hate’.
Judul diluhur “Sabari ngantos, eusian anu kahartos”, anu maksadna nyaeta ngamotivasi ka dulur sinareng baraya kaum muslimaat, supados ngeusi waktos “Sabari ngantos”anu maksadna saur basa Indonesia na mah, masa penantian akan datangnya seorang Imam yang membimbingnya ” dieusian ku padamelan-padamelan anu sangkan ngandung mangpaat kangge dunya sinareng akherat, atuh minimalna mangpaat kangge beukeul di dunya anu syaratna henteu mopohokeun akherat  jeung diwenangkeun ku syara’ , kayaning wiraswasta, janten karyawan kantor atanapi toko, dagang, janten guru PAUD, dst. Namung henteu sa’alit jalmi anu mopohokeun ka akherat atanapi kawajibannana ngajalankeun parentah agamana (Islam). 

anu maksadna “eusian anu kahartos” nyaeta padamelan anu kahartos hasilna nya minimal atuh ngeusi sadidinten sapertos anu janten karyawan kantor atanapi toko mah, tiap akhir bulan aya hasilna,atanapi babantos sepuh sapertos ngabantos padamelan rumah tangga kayaning sasapu, ngumbah piring, nyeuseuh dst.  Atuh da kumaha ieu mah, padamelanna teh, sare’ wae, dipiwarang kedul, ngareret gosip atanapi infotaiment, ngorek HP (pesbukan, tuwiteran, jst) dugika poho kana mandi, komo poho ngosok gigi mah, Uwekk...kumaha bade’ payuna atuh neng? ^_^

Kukitu na hayu urang sami-sami emutan anu teuacan emut, masihan teurang kanu teuacan teurang, supados kin dugi kana waktos na “dilamar, dikhitbah,atanapi naon bae bahasana pokokna mah dugika nikah na” atos siap janten Ibu Rumah tangga, Bojo anu tiasa ngabungahkeun pilanceuk na (suamina), Indung anu dibanggakeun ku wurangkalih na, sangkan janten kaluarga anu bagja dunya sinareng akheratna. Aamiin,...

Perhiasilah dirimu wahai calon istri,dengan akhlaq yang membuat iri para bidadari, sehingga engkau berharga bagaikan perhiasan yang dicari-cari, walaupun harus berkelana mengelilingi bumi yang luas ini.”

Mugia sing Mangpaat

Alhamdulillahirobbil’alamiin,...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar